Naon bedana ngadongeng jeung maca dongeng
B. Daerah
Mochariel
Pertanyaan
Naon bedana ngadongeng jeung maca dongeng
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Ngadongeng beda jeung maca dongeng. Dina ngadongeng, samemehna urang kudu maham pisan kana jalan carita anu aya dina eta dongeng. Sedengkeun dina maca dongeng, samemehna urang henteu kudu maham pisan kana jalan carita anu aya dina eta dongeng, nu kudu dilakukeun nyaeta ngan saukur maca carita dongeng anu ditulis, sacara jelas jeung merenah wungkul, sanajan aya alusna umpama samemehna maham kana jalan carita nu aya dina eta dongeng.
Dina ngadongeng aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta ngeunaan bentesna sora atawa disebut lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah (utamana pikeun ngadongeng anu henteu bari maca samasakali), sarta penjiwaan atawa paroman jeung gerak gerik dina waktu ngadongeng. Sedengkeun dina maca dongeng mah henteu perlu merhatikeun pilihan kekecapan anu merenah sabab kekecapannana geus ditulis.