B. Daerah

Pertanyaan

Tungkul ka jukut tanggah Ka sadapan hartina?

1 Jawaban

  • Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan hartina nyaeta leukeun, junun atawa tekun dina nyanghareupan pagawéan anu keur  dipilampah, henteu kaganggu ku naon-naon. Kekecapan tungkul ka jukut tanggah ka sadapan teh mangrupakeun paribasa. Paribasa nyaeta salahsahiji rupa tina pakeman basa.

    Pembahasan

    Dina sawatara paribasa sok aya kekecapan anu murwakanti. Saperti kecap tungkul murwakanti jeung kecap jukut. Sedengkeun kecap tanggah murwakanti jeung kecap sadapan. Murwakanti asal kecapna tina purwakanti. Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antar kecap atawa kekecapan nu aya. Gunana purwakanti nyaeta pikeun mamanis basa.

    Conto paribasa lianna anu miboga purwakanti dina antar kekecapanana nyaeta saperti paribasa bengkung ngariung bongkok ngaronyok. Kecap bengkung murwakanti jeung kecap ngariung. Kecap bengkok murwakanti jeung kecap ngaronyok. Harti eta paribasa nyaeta babarengan sanajan dina kaayaan hina, rugi, atawa cilaka.

    Pelajari lebih lanjut

    • Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
    • Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan

Pertanyaan Lainnya