Tungkul Ka jukut tanggah Ka sadapan hartina?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hartina tungkul ka jukut tanggah ka sadapan nyaeta junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon. Eta kalimah atawa kekecapan teh disebutna paribasa. Paribasa miboba harti denotatif atawa harti saujratna jeung harti konotatif atawa harti injeuman. Umpama ditilik mah, paribasa tungkul ka jukut tanggah ka sadapan teh miboga harti konotatif jeung harti denotatif anu padeukeut.
Pembahasan
Sanajan paribasa tungkul ka jukut tanggah ka sadapan teh miboga harti konotatif jeung harti denotatif anu padeukeut, masih wae aya anu salah dina ngahartikeun eta paribasa. Saperti aya anu ngahartikeun yen eta paribasa teh hartina nyaeta "kudu ngukur kana kamampuan sorangan", padahal eta harti teh salah.
Saperti geus disebutkeun di luhur, harti anu bener tina paribasa tungkul ka jukut tanggah ka sadapan nyaeta junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
Paribasa nyaeta salahsahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila.
Kusabab pakeman basa teh, saperti paribasa, miboga susunan kekecapan anu geus maneuh, kecap atawa kekecapan nu aya dina paribasa teu meunang diganti atawa dirobah, boh ditambah boh dikurang. Contona, biasana kekecapan nu aya dina paribasa kaasup kana ragam basa loma, tapi paribasa bisa dilarapkeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes tampa kudu ngarobah kekecapanana.
Pelajari lebih lanjut
- Contoh paribasa Sunda brainly.co.id/tugas/2370812
- Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/12436631
- Pakeman Basa brainly.co.id/tugas/1262529
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Hartina tungkul ka jukut tanggah ka sadapan